Kabayan
Hayang Kawin
Di hiji poe,di hiji desa ngaranna
desa Ciluncat,aya hiji imah leutik. Di jero aya Kabayan jeung Ema.
Ema : Kabayan Kabayan … geuwat
kadieu.. !!!
Kabayan : Aya naon atuh ma?? meuni gandeng
pisan ….
Ema :Yeuh Kabayan ulah cicing wae di imah .. jig kaditu
neangan pagawean, unggal poe teh ngan HARDOLIN we wungkul…
Kabayan :Sabenarna mah urang ge hayang ma,
tapi …
Ema :Tapi kunaon??
Kabayan :Urang geus nyobaan neangan pagawean,
tapi eweuh pagawean anu cocok jang urang ..
Ema :Lah maneh mah
euweuh kahayang pisan ..
Kabayan
:Nya enggeus atuh .. isuk urang
rek ka kota neangan gawe jeung rek neangan pujaan hati Kabayan nyaeta si Iteung
tea ..
Poe isukna Kabayan
indit ka kota.
( Kokom nyampeurkeun Kabayan nu keur siap-siap rek indit ka kota).
Kokom :Akang-akang ,
akang bener ayeuna rek indit ka kota ??
Kabayan :Naon atuh Kokom
teh, meuni rariweuh pisan !!
Kokom :Atuh da akang Kokom teh alim jauh ti akang, yess !!
Kabayan :Alaaaahhhh… si
Kokom meuni lebay ..
Ema :Nya Kokom, da
si Kabayan ge rek balik deui ieuh ..
Kabayan :Nya, geus atuh
ma Kabayan rek indit ! Doa keun Kabayan amih meunang pagawean jeung papanggih
Nyi Iteung
Ema :Nya sok atuh
ku Ema di doakeun, maneh sing sukses di kota teh ..
Saenggeus nepi di
kota, si Kabayan hulang-huleng teu puguh bari gegerenyeman.
Kabayan :Ke.. ke.. ke ..
Ari urang aya dimana ieu teh ?
Aduh gusti
.. Kudu Kamana urang yeuh … ??
(Si
Kabayan leuleumpangan sorangan)
Kabayan :Astagfirullohal’adzim
.. Masya Alloh .. Laaillahaillalloh .. eta teh monas ?
Meuni
jangkung-jangkung teuing atuh .. alabatan tihang listrik !!
Keur kitu si Kabayan
papanggih jeung Bule, tuluy nanyaan eta Bule ngacaprak kamana
daek.
Kabayan :Halo Mr. How are
you ? How are you ?
Bule :I’m fine !
Kabayan :Mr. Mr. Ari ieu teh
dimana yes ??
Bule :What ? (
bingung )
Kabayan :Naon sabarah
watt ? urang mah teu ngajualan bohlam Mr. ! Urang mah nanyakeun oge ieu teh
dimana ?? Kalah nanyakeun bohlam ...!
Bule :What are you
talking about ??
Kabayan :Naon Mr. abot..?
Beu atuh ku urang di pang mawakeun ari abot mah !! Keun bae lah 2000 ge lumayan
jang meuli es, urang keur haus yeuh !
Bule :You are
crazy
Kabayan :Yes .. yes ..
sami-sami Mr.
Teu lila Si Kabayan
papanggih jeung babaturanna di kampong
Markonah :Kabayan? ( bari
noel ti tukang ) Ieu teh Kabayan ?
Kabayan :Ke…ke…ke… Saha
iyeu teh nya??
Markonah :Kabayan tos hilap
ka kuring! Ieu teh Markonah !
Kabayan :Oh ….neng Onah
anu budakna mang Udin
Markonah :Sumuhun Kabayan!
Ieu teh Markonahbudakna mang Udin kembang Desana Ciluncat tea ning..
Kabayan :Alah nya inget
ieu teh Markonah, tapi da cek urang mah kembang Ciluncat mah Nyi Iteung saurang
Markonah :Kabayan di dieu
ngadon naon?
Kabayan :Urang teh rek
neangan pagawean bari neangan Nyi Iteung.
Markonah :Oh .. Kabeneran
atuh Kabayan, di tempat urang gawe teh, keur aya lowongan gawe! Maneh daek teu
gawe jeung Onah ??
Kabayan :Nu bener? Atuh
daek urang mah Onah.
Markonah :Nya atuh isuk
mimiti gawe na.
Geus sabulan si
Kabayan gawe jeung Markonah. Pas Keur istirahat si Kabayan ngadenge
Sora awewe menta tulung! Tuluy si Kabayan Indit nulungan.
Iteung :Tulung ……
tulung……… Jambret …… Jambret ……….
Kabayan :( Tuluy ngudag
jambret )
( Sanggeus beunang
tuluy kantong na di berekeun ka awewe anu di jambret)
Kabayan :Iteung !
Iteung : Kang Kabayan
?
Kabayan :Iteung ?
Iteung :Kang Kabayan
??
Kabayan :Ieu teh leres
Iteung ?
Iteung :Muhun akang …
ieu teh leres Iteung !
Kabayan :Iteung teh mani
benten pisan ayeunamah ! Geulis eung….
Iteung :Muhun atuh
kang Iteung tea ! Akang di kota sareng saha ?
Kabayan :Akang teh
nyalira, akang ka kota teh neangan Iteung ! Iteung ayeuna dimana ?
Iteung :Nya payuneun
akang atuh ayeuna mah !
Kabayan :Nya sanes
payuneun hungkul atuh ! Tapi Iteung teh tos lami aya dina hate akang!!
Iteung :Aah si akang mah aya-aya hungkul
! Tos atuh kang hayu ayeunamah sung ka bumi Iteung !
Kabayan :Enya hayu atuh !
Kabayan jeung
Iteung ngalobrol duaan di imah Iteung…
Iteung :Kang, tah
iyeu teh bumi Iteung !
Kabayan :Aeh…aeh… ieu teh
imah atawa istana ? mani gede kawas gedung, mani lega kawas lapang, mani
jangkung kawas monas, tur mani endah kawas nu gaduh na !
Iteung :Aah… biasa we
kang ! oh ai akang tos pependak sareng Markonah teu acan ?
Kabayan :Oh si Onah,
entos ! akang pendak sareng Markonah kamari di jalan ! Malahan mah si Onah nu
mere pagawean ka akang teh ! akang di tawaran gawe di kantor tempat si Onah
gawe !
Iteung :Nu leres ?
Iteung oge damel di kantorna Markonah akang !
Kabayan :Maenya ? eta teh
berarti Iteung jeung Akang teh jodoh nya! Bisa kabeneran kitu !
Iteung :Ah…akang!
Kabayan :Iteung kumaha
lamun iteung jeung akang teh mulang ka kampung! Akang rek ngalamar iteung ka
abah iteung!
Iteung :Nu leres? Akang
bade ngalamar iteung.!
Kabayan : Muhun leres!!
Akang bade ngalamar Iteung, akang cinta ka Iteung. Cinta akang full teu
satengah-satengah kawas top kopi atuh Iteung .
Iteung :Muhun atuh
akang, hayu atuh cuang nyarios ka si Abah !!
Dua minggu Kabayan
jeung Iteung babarengan di kota, kaditu kadieu bareng kawas
Perangko. Tapi teu lila datang Si Kokom ka kota. Si Kokom nempo Kabayan
keur duduan jeung
Iteung. ( Kokom langsung indit bari ambek ).
Kabayan :Iteung iraha
atuh mulang ka kampong teh? Akang tos teu
kiat hoyong gera-gera ngalamar Iteung.
Iteung :Sabar atuh
akang, sok we gawe heula sing giat amih si Abah ngarestuan.
Kabayan :Siap atuh Iteung
..Demi Iteung akang rek giat di gawe .
Iteung :Nya kang,
hayu atuh cuang mangkat gawe
Kabayan :Hayu
Teu lila Si Kokom
datang, tuluy nyampeurkeun Kabayan anu keur istirahat.
Kokom :Kang .. Kang
Kabayan … Kang Kabayan (bari rariweuh)
Kabayan :Kokom ? Naon
atuh Kokom ? Maneh rek naon ka dieu ?
Kokom :Iiihh .. si
Akang meuni kitu pisan ka Kokom teh, Kokom teh ka dieu nyusul Akang.. Kokom teh
sono ka Akang
Kabayan :Naon atuh Kokom
meuni lebay maneh mah.. centil pisan !!
Teu kosi lila
ujug-ujug datang si Iteung bari mawa dahareun jang si Kabayan.
Iteung :Akang ? (
langsung indit bari ceurik )
Kabayan :Iteung … ( bari
ngudag ) kunaon atuh kalah indit ( panasaran )
Iteung :Henteu Akang,
Iteung mah bilih ngaganggu Akang jeung Kokom we ( bari rada judes )
Kabayan :euleuh .. euleuh
.. caritana jealous Iteung teh. Yeuh Iteung .. Akang mah euweuh hubungan nanaon
jeung si Kokom. Si Kokom na we nu centil ka Akang
Iteung :Ohh , uhun
atuh Kang .. Iteung percanten ka Akang
Tuluy si Iteung jeung
Kabayan mulang ka kampungna. Langsung si
Kabayan ngalamar si
Iteung.
Kabayan :Assalamu’alaikum
! Ema .. Ema .. Kabayan mulang !
Ema :Wa’alaikumsalam..
Kabayan !
Kabayan :Ema ! Kumaha Ema, cageur ?
Ema :Alhamdulillah
yan ! Ema Cageur !! Kabayan maneh aya naon gening mulang ?
Kabayan :Kabayan teh rek
ngalamar Iteung ma! Kabayan mulang jeung Iteung !
Ema :Nu bener?? Hayu
atuh cuang ka imah Iteung ayeuna !!
Kabayan :Sabarb atuh ma!!
Isuk we ka imah Iteung na !
Ema :( Seuseurian
) Sumanget teuing yan ema teh bakat ku bungah, akhirna maneh teh kawin oge !
Isukna, Kabayan jeung
Ema na dangdan rapih, tuluy mangkat ka imah Iteung rek
ngalamar Iteung ka Abah na.
Kabayan :Assalamu’alaikum
..!!
Iteung :Wa’alaikumsalam
.. Akang, Ema ! mangga kalebet
Ema :Abah na aya
Teung ?
Iteung :Aya ma ke
antosan sakedap
Abah …
Abah … Ieu aya Kang Kabayan sareng Ema !
Tuluy Abahna Iteung
nyampeurkeun Kabayan jeung Ema nu aya di ruang tamu.
Langsung ngobrol jeung Ema na Kabayan.
Abah :Yeh .. Ema
Kabayan
Kabayan :Abah, kumaha
damng?
Abah :Alhamdulillah
yan cageur ayeuna mah !
Iteung nyandak susuguh na atuh jang Ema jeung
Kabayan
Iteung :Muhun bah (
Langsung indit ka dapur )
Ema :Abah Iteung !
kieu, Kuring jeung Kabayan kadieu teh boga maksud rek ngalamar Iteung ! Kumaha,
di tampi ?
Tuluy si Iteung datang
bari mawa dahareun jeung cai nginum jang nyuguhan Ema jeung
Kabayan.
Abah :Lah,, Abah
mah sakumaha Iteung na we. Iteung nu rek ngalakonana!
Ema :Kumaha Iteung
??
Iteung :( Unggut
hungkul )
Kabayan :Alhamdulillah …
Urang kawin oge jeung Nyi Iteung !!
Abah :Iraha rek
akad na ?
Ema :Isuk bah !!
Abah :heug atuh !
Tuluy isukna Kabayan
jeung Iteung kawin, Kabayan datang ka imah Iteung bari di
barengan ku rombongan marawis. Si Kabayan tuluy nyanyi sapanjang jalan.
“Nyi Iteung .. Kabayan
datang prepet … prepet … prepet …”
Akhirna Kabayan jeung Iteung
hirup bagja salamina.
~TAMAT~
Tidak ada komentar:
Posting Komentar